Friday 3 June 2011

Bahasa Sunda

Bahasa Sunda

1. Jelaskeun babagiab sisindiran jeung conto-contona

2. Naon anu dimaksud gending karesmen jeung dramaturgi

3. Naon bedana istilah

a. Kawih

b. Tembang

c. Kakawihan

4. Tuliskeun nami jeung asal sakola hidep ngagunakeun aksara sunda

5. Pilih sahiji carita dihandap tuluy dicaritakeun deui

a. Asal usul padawa jeung kurawa

b. Gending karesmen “Nyi Arum Tresna Malati”

- Dramaturgi nyaeta seluk beluk ngeunaan drama ti mimiti ngadamel naskah dugi ka mentaskeunana

- Gending karesmen nyaeta jenis drama sunda anu dialogna dinyanyikeun

Asal Usul pandawa

Dina Mahabarata dicaritakeun yen Gandari, pamajikan Drestarastra, haying boga 100 anak. Saterusna, Gandari menta ka Abiyasa, saurang patapa sakti, sarta ditedunan. Gandari jadi ngandeg, tapi sanggeus lila ngandung, anakna teu lahir wae. Manehna jadi timburu ka Kunti anu geus mere Pandu 3 anak. Gandari keuheul, tuluy neunggeulan kandunganana. Sanggeus ngaliwatanmangsa ngajuru, anu lahir ti pianakeunana ngan saukur pagumpal daging. Abiyasa saterusna nyiksikan daging kasebut jadi 100 bagian, sarta ngasupkeun kana 100 gentong anu saterusna dipelak dina taneuh salila 1 taun.

Sanggeus 1 taun, gentong-gentong eta dibuka sarta tina tiap-tiap gentong, kaluar anak lalaki. Anu pangheulana Duyudana, dipiring ku Dursana, jeung baraya sejena

Sakumna anak Drestarastra tumuwuh jadi lalaki anu garagah, manehna ngabogaan baraya nu ngarana pandawa. Duyudana nu mangrupa baraya pangkolotna para kurawa, sok ngarasa timburu ka Pandawa, utamana ka Yudistrira anu dicalonkeun jadi raja di astinapura. Hal eta nimbulkeun perang rongkah di hurusetra anu lilana 18 poe. 100 anak Drestarastra gugur. Dursana (adina Duyudana) gugur ku leungeun Bima. Yuyutsu (hiji-hijina anak Drestarastra anu salamet) ngabiuk para pandawa, sarta manehna neruskeun garis turunan bapana.

Bubuy Bulan

Cipt : Beni Corda

Bubuy bulan, bubuy buloan sangray bentang

Panon poe, panon poe disasate

Unggal bulan, unggal bulan abdi teang

Unggal poe, unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hate ningali ngenclong caina

Duh eta saha, nu ngalangkung unggal enjing

Nyeredet hate ningali sorot socana

Mawar Bodas

Cipt : Uka. H

Mapay jalan satapak

Ngajugjug kahiji lembur

Teu karasa capena

Sabab aya nu di teang

Hujan angin dordar gelap

Heunteu aya nu ngiuhan

Sanajan awak rancucut

Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi

ka tempat anu dijugjug

rek ngalongok mawar bodas

nu moal lila ka ala

Sugan teh moal gagal

Kembang geus aya nu boga

Balik the asa hoream

Leumpang ge asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna

Teu kapikir ti tadina

Lamun bakal nyeri hate

Hoream teu sudi teuing

Mikiran pipanyakiteun

Mikiran pipanyakiteun

Kasimpulan;

1. Lamun boga tujuan hirup, hirup ge jadi sumanget moal cape

2. Tapi, lamun hirup ngagantungkeun ka batur, hirup bakal kacewa

3. Urang kudu ngabogaan tujuan hirup anu moal leungit, nyaeta Allah

4. Tong ngudag mawar bodas, tapi ngudag zat anu dipiboga ku mawar bodas

5. Tong putus asa ngan gara-gara gadis anu diimpikeun ku urang geus di rebut batur, urang masih bias neangan gadis nu lainna

No comments:

Post a Comment

Comment = respect = encourage ^^
Thank you ♥♥♥♥♥